Sakadang Cilok
(Hapunten anu kasuhun ka para pini sepuh. Dina danget ieu sim kuring nganggo basa Sunda loma tanpa sensor…)
Tilu poe ieu, meh unggal poe kuring nyieun cilok. FYI, cilok teh sabangsaning kadaharan opieun nu dijieun tina aci, wangunna baruleud leutik. Ari cara ngadaharna teu kawas dahareun sejen nu guyub make sendok atawa di comot ku ramo. Tapi dicolok heula ku nyere, tuluy dicocolkeun kana saos atawa sambel suuk, karek am. Nu matak dingaranan cilok ge, da singgetan tina aCI dicoLOK.
Teuing kunaon kuring meni ‘terobsesi’ kieu kana cilok. Meni hayaaaang pisan bisa nyieun cilok nu pangeunahna sadunya. Lain bohong. Padahal lamun dipikir-pikir, hayang cilok mah tinggal meuli di si Emang paporit. Murah, teu kudu gawe ngagaley-ngabuleud-buleud, tinggal mere duit receh, diladangan dengan senyuman (hiih!) terus cingogo sisi jambatan bari nyolok-am…nyolok-am….
Ari sajarah kuring mimiti wawuh ka cilok, asa rada poho. Teuing jaman SMP atawa SMA. Da keur leutik mah tara pernah noel-noel acan. Da teu dikenalkeun ku pun biang. Saurna teh bahaya mun emam cilok mah. Sok e’*’ getih… Nya, sim kuring nu polos keneh teh atuh nurut pisan ka Mamah. Da sieun ** getih. Padahal nu bener mah (jigana) lain ** getih. Tapi ceurik getih. Kulantaran kuring hayang breakfast, lunch, dinner make cilok tapi teu diidinan. Yaa… nangis darah lah guwe. Heuheuy deuhh!
Alhamdulillah, jaman kuliah di Jatinangor baheula euweuh nu jualan cilok. Jadi duit bulanan kuring teu nepi ka jewol kulantaran meulian wae cilok. Ngan upama kuring nyiliwuri ka daerah Monumen Pancasila nu di Jalan Dipati Ukur tea, komo mun keur ngabring jeung babaturan. Siap-siap sajah si Emang hepi. Diborong dong. Tapi untungna kuring saparakanca adalah mahasiswa-mahasiswi yang tida lupa daratan. Jadi keinginan si Emang agar dagangannyah ludes habis dan licin tandas hanyalah angan beliaw semata…
Alatan geus weureu ku kadaharan aheng ala kape jeung restoran, meureun. Kuring bet jadi sering browsing neangan resep-resep jajanan pasar. Geus kapanggih, bandros, sorabi, cireng, misro, cakueh, tapi nu nyangsang dina hate nu pangjerona ngan ukur sakadang cilok. Aya sababaraha resep. Ku kuring dicobaan hiji-hiji. Trial n error we. Tapi nepi ka ayeuna can aya nu nyugemakeun. Aya nu alus bentukna, tapi rasana ancur. Aya nu geus rada ngeunah, tapi hese pisan ngabuleud-buleudna, nepi ka buyatak dioprek. Aya nu liaaaat pisan, matak coplok sihung.
Ayeuna kuring rek ngarenghap heula. Sahenteuna saminggu kahareup, kuring moal waka ngulik resep cilok heula. Keur lendeng yeuh. Resep nu kakara dipraktekkeun tadi teu ngeunah. Liat teuing, jeung cebrek euweuh sarian. Jadi rieut kana sirah. Jeung deui bisi kurang giji, hayoh wae cacamuilan daharan cilok. Enya beuteung seubeuh, tapi uteuk jadi hampos.
Cag heula. Tapi… kela ah. Rek curat-coret heula make pilok yeuh dina tembok. Yuu ah, yuuu. Ngagrapiti…
Cilok, I’m yours.
Let’s vote for Cilok.
Cilok is the best.
Bad or good, Cilok is my holy-food.
Forever in Cilok.
Cilok is never end.
I’m crazy about Cilok.
Cilok, mwwwaaahhhh..mwwaaaahhh!!!
Ciloxers.
Ratna lope Cilok.
Great big hug for my Cilok.








This post has 19 comments
September 29th, 2010
hahahahahahaha cageur ceu??? *nyeungseurikeun eta grapiti
Oktober 5th, 2010
hi, pos besar, menjaga silahkan menempatkan beberapa posting yang bagus, selamat untuk pekerjaan Anda
Oktober 27th, 2010
hi, pos besar, tetap posting silahkan menaruh beberapa yang baik, selamat atas pekerjaan Anda, saya sekarang fllower dari blog Anda
Nopember 8th, 2010
Menarik ternyata cerita sakadang cilok teh… Lamun resepna tos manggih nu maknyuss… Bolehlah jadi tester hehe…
Salam kenal
Nopember 9th, 2010
Curiga kareuseupna cilok teh?
Februari 21st, 2011
hahaha kok bahsa aneh,,.. tapi tetep bagus kok
Maret 30th, 2011
lamun di tazix mah cilok nu enak teh,,nyaeta cilok gaul tea,,,,sok lah nu sedep cilok,,,,gera dicolok,,,
http://xamthoneplus.aparsuparjo.com/obat-herbal-penyakit-keputihan/
Maret 31st, 2011
postingan yang sangat menarik juga,,,ditunggu posting berikutnya,,,makasih dan sukses slalu,,,,
http://xamthoneplus.aparsuparjo.com/obat-herbal-penyakit-kanker/
Juli 26th, 2011
There are many issues related with some of the most situated information and this could have been seen as some of the most advance storing media for digital music. I think we can find this common these days.
Agustus 2nd, 2011
duh asa hoyong cilok abi
sabrha nya harga na
tina cilok
Agustus 22nd, 2011
huaahaha… gugulingan sayah macana teh
da saya oge reusep pisan kana cilok.
kapungkur jaman masih sakola calana beureum, jajanan teh ngan cilok jeung cilok weh.
ngan eta nu sok matak seuri, … si bibi nu sok ngajual cilok di kantin sakola .. unggal di heureuyan … reuwas na teh bari nyebat sakadang manuk jelema ..
Oktober 12th, 2011
aya-aya wae nie artikel. tapi bagus euy
Nopember 16th, 2011
Ugg Boots Sale
Nopember 25th, 2011
calon istri ane dari kemarin ngebet banget pengen cilok gan… ane ampe nyari nyari .. ampun
Februari 4th, 2012
aduhh cilok,, cilok,,, memang favorit orang sunda,,, bukan orang sunda klo ga tau cilok,,, heheh
Februari 10th, 2012
sae pisan tina gaya basa na,,,
eta gaya basa sapopoe nu sok di ucapken ku orang sunda,,,,
sae lah,,,
Februari 16th, 2012
huaahaha… gugulingan sayah macana teh
da saya oge reusep pisan kana cilok.
kapungkur jaman masih sakola calana beureum, jajanan teh ngan cilok jeung cilok weh.
Februari 22nd, 2012
nggak paham bahasanya gan…
hehe…
Maret 31st, 2012
jadi hoyong cilookkk euy, inget keur sakola SD sok jajan cilok asa enakkk..