Sundanesse Paid Review (maunya…)
Sori nya… Kanu teu bisa make atawa teu ngarti basa Sunda. Kuring keur sono pisan gunem catur dina basa my indung. (Heheh… apaa lagi my indung?)
Sabenerna kuring teh hayaang pisan boga blog husus basa sunda. Sepesial jang ngocoblak nu teu make jaim-jaiman. Ngan eta tea… Ngurus hiji wae ripuh. Hak-hik-hek kaditu-kadieu sanajan di imah ge. Gawe ngan nyerek si bungsu nu ngebut kokorondangan nepi ka dapur. Can deui kudu gogorowokan nitah si cikal ampih, da ulin wae ka jalan. Atawa nungtun si panengah kaluar ti kamar mandi bari nyetel radio butut setatsion biwir. Bongan hayoh wae ngancrub-ngancrub cocooan kana bak.
Tah geuning! Aya wancina oge. Kuring rek indehoy heula di dunia maya. Da barudak geus sarare tibra. Salaki ge keur ngaronda dines peuting. Keun bae gerohan mah. Oge antep sajah dulu cocooan yang paburantak. Jeung korsi-korsi tamu nu tadi digalusur, nu cenah eta teh kareta api. Eike rek hepi-hepi rait naw… Asseeekkk… Asseeeeekk… Hayu lah. Wang ceting! Heuheuy deuh… Internet… Em kaming yeuh!








This post has 12 comments
Oktober 10th, 2008
heuheu… si eneng, ari geus kambuh teh kieu yeueueuehhhh……. he he he
Oktober 10th, 2008
spydeeyk bingung, ga’ ngerti.., he2.., permisi lewat aja dech.. *blog walking mode on..*
Oktober 10th, 2008
keun we batur mah neng, ulah geruh, sok we sing anteng, rek ngaguar naon yeuh mimitina……?
Oktober 10th, 2008
apan harita oge aya….. SUNDA EUY!, kamana tah digusurna?
Oktober 11th, 2008
Lha sampeyan ki ngomong opo tho, djenk? aku ora mudheng blas
Oktober 11th, 2008
kagak ngarti blass….euy…bisa nggak di terjemahin pake google translate?
Oktober 11th, 2008
gayaaa euy..!! haha..
iraha atuh nya aya review basa sunda teh?
*ngahuleng*
Oktober 11th, 2008
weleh.. tos lami jarang blogwokin ka dieu, rank alexa na ujug2 nepi ka tiluratusan deui iyeuh…
hebat euy!
Oktober 14th, 2008
eleuh-eleuh si enenk.. sok atuh urang tunggu inpona mun aya ripiuan bahasa sunda. Ulah hilapnya jeung abdi.
Noe´s last blog post..Honda Civic Hybrid Giveaway From Charter
Oktober 14th, 2008
Aya aya wae, i dont ngarti about iye post, but teu naon2 lah enjoy bae and sukses aja for maneh
Oktober 14th, 2008
pripun kabaripun?
samsul´s last blog post..NUPTK Kabupaten Ngawi Bulan Agustus 2008
Oktober 21st, 2008
heuheu rame cigana nya ngereviewna, tapina da saha nu de mayarna teh?
LieZMaya´s last blog post..Nyeketsa lagi ah…